Powered By Blogger

Sabtu, 26 Februari 2011

tanya kenapa

ketika air bertanya kenapa
api hanya bisa bicara dengan makna
yang tak tahu kenapa
sang air mencoba mengartikan kata dalam makna
walau semu yang ada
kata tak bisa tetap kan ku coba
walau berat tak mengapa
karena hidup kan bermakna
dengan makna tak melewati kata

Jumat, 25 Februari 2011

puisi indo (mata tak bernyawa)

waktu yang berjalan
memutar balikan asa jadi fakta
yang tak tahu dan tanya kenapa
lewat kehidupan yang membuat kata
kita hanya selembar cerita
dari mata seorang yang tak bernyawa

carpon munggaran simkuring



Sendal Capit Masjid

            Kacaritakeun kuring keur diuk di buruan imah bari melong barudak nu keur arulin. Pagawean sapopoe anu geus kudu jadi kawajiban nyaeta nginum kopi bari reureuh balik digawe, nya kuring sok nitah pamajikan kuring keur pangnyieunkeun kopi. Sok asa ngeunah teh lamun nginum kopi geus balik gawe, rarasaan asa di parende ku hiliwirna angin. Teu karasa waktu geuningan geus rek magrib wae, tuluy pamajikan nitah geura ka masjid, nya kuring nitah budak keur geura asup imah sabab geus rek seureupna.
            Tuluy wae kuring di siapkeun baju keur ka masjid, teu loba basa-basi langsung bae kuring indit ka masjid, sabab adzan geus ngahariring. Pas nepi di mesjid kuring langsung wae wudhu, tuluy solat magrib. Nya geus solat magrib teh wirid babarengan, dituluykeun wae solat sunnah ba’da magrib. Barang pas balik geuningan sandal capit warna hejo kuring teh leungit, nya rareuwas kabeh jalma anu aya di masjid.
            Sabab geus tilu poe katukang loba sandal capit anu laleungitan, ti saprak eta anu ka masjid sok araneheun, da moal mungkin sandal anu biasana aman jadi laleungitan. Sabenerna mah hampir kabeh jalma geus nyangka si Tatang anu mawa sandal unggal keur sarolat, sabab budak eta anu pangbangorna anu sok malingan buah,jagung jeung lauk batur. Nya saha deui lamun lain si eta mah? Baturna mah poe jum’atan teh sarolat jumaah, manehanna mah kalah ngudud di warung tegal.
            Nya pas isukna pas keur rek solat magrib, kuring leumpang ngaliwatan warung tegal tea, nya aya si Tatang keur ngopi bari make sandal capit warna hejo, nya percis pisan siga sandal kuring. Nya ti dinya mah kuring makin yakin pasti anu sok nyokot sandal anu keur sarolat teh pasti si Tatang. Nya kuring langsung wae geuwat-geuwat ka masjid. Kawas biasa manehanna balik ti warung tegal tempat mangkalna, bari ngaliwat ka masjid teh ceunah mah manehanna sok ninggali ka jero masjid bari luak-lieuk teu puguh, nya barudak anu keur ngaji oge jadi sok teu baleg solatna da ka ganggu.
 Ngan unggal manehna datang ka masjid leungit wae sandal teh, sabab lamun manehna teu ngaliwat jalan pas ka masjid mah teu pernah aya anu leungit.kungsi hiji waktu dijaga sendal teh ti jero di tempoan, ngan pas si Tatang teu ngaliwat mah geuning euweuh sandal anu leungit. Nya sakali dua kali mah keun di antepkeun, ngan pas leungit sandal Pa RT mah kabehannna janjian isukan poe minggu rek datang ka si Tatang nanya kajadian sebenerna. Nya kuring, Pa RT jeung anu lianna datang ka kosan si tatang, kabeh anu datang bari semu ambek, sabab kalakuan si Tatang geus kaluar wates nyieun warga anu keur sarolat ngarasa teu aman. Pas di tanya ku Pa RT teh masih keneh teu ngaku, nya di sebutkeun wae bukti yen manehna sok ka masjid jeung bukti ningali make sandal capit warna hejo sarua jeung anu kuring.
Nya di jawab ku manehanna teh yen manehanna sok ningalian ka masjid teh, manehaanna era ku batur anu sok garetol solat, sabab manehanna hayang bisa solat ngan era can bisa. Hayang di ajar tapi era sabab geus gede can bisa keneh solat, nya manehna ngan bisa melong ti luar kumaha gerakkan solat teh jeung di praktekkeun di imah bari sok saralah oge. Masalah sandal capit warna hejo mah eta kajadian teh teu sangaja, sabab meuli sandal anu sarua kawas kuring.
Ti dinya kabeh jalma bingung saha deui jalma anu sok di luar pas magrib iwal si Tatang, jeung ku anehna sandal laleungtian teh pas si Tatang ngaliwat, puguh wae warga kabeh can percaya. Nepikeun isukna si Tatang milu ka masjid bari di titah ningalian sandal, lamun euweuh jalma anu kapanggih salila tilu poe manehanna cicing di masjid, si tatang bakal di laporkeun jeung di asupkeun ka bui. Si Tatang tarima eta ka hayang warga, sabab manehaanna ngarasa di fitnah sanajan manehanna teui bisa ngalwan sabab kalakuan baheula manehanna nu sok malingan di kebon batur. Nya pas poe ka hiji ngajaga di masjid teh kayaan anu aya aman wae,euweuh sandal anu leungit-leungit acan,kitu oge sarua pas poe kadua. Pas poe ka tilu beurangna teh si Tatang bingung kacida sabab lamun euweuh wae manehna rek dijadikeun tersangka, kuring ngarasa puas sabab ahirna si Tatang kabuktian yen manehanna anu maling.
Saencan indit ka masjid teh si Tatang ngudud jeung Ngopi heula di warung tegal kabiasaanna, sabab manehna mikir moal bisa nyobaan kopi deui lamun geus asup bui mah. Tuluy wae manehna indit rada telat sabab manehna mikir lamun dating telat pasti bisa ningali maling anu sok nyokotan sandal teh. Pas manehanna cicing di jero masjid, prak teh manehanna reuwas pisan ningali anu sok nyokotan sendal teh aya., dituturkeun wae ka mana arah anu nyokot sandal eta teh. Kuring oge reuwas sabab pas beres solat si Tatang euweuh bari aya anu leungit sendalna, nya kabeh anu datang ambek jeung rek ngontrog ka kosan si Tatang pikeun mawa si Tatang ka kantor polisi.
 Isukna si Tatang diuk kalem bari ngopi di tempat mangkalna, Pa RT, kuring, jeung wartga nu lianna dating ambek ka si Tatang. Tapi anehna si Tatang teu reuwas ningali warga anu sakitu ambekna, pas di tanya kamari ka mana pas solat, manehna ngajawab geus manggihan jeung neangan tukang maling tea. Kabeh jalma can percaya sabab yakin si Tatang anu nyokotna, pas ditanya saha anu sok nyokotan sandal ku tenang manehanna ngajwab kandang hayam deukeut warung tegal. Kuring teh reuwas, naon maksudna si Tatang ? Pas di tunjukkeun geuning bener di jero kandang hayam gigir warung tegal teh loba sandal anu laleungitan tea, nya di jelaskeun ku manehna yen unggal manehna balik ngaliwat masjid, hayam anu sok aya di warung tegal teh sok nuturkeun manehanna. Jeung pas manehanna ningali ka masjid pas hayang apal anu keur sarolat, teu sangaja si hayam eta teh sok mawaaan sandal anu aralus jeung warnaan, tungtungna mah kuring jeung kabeh warga anu liana era jeung menta hampura ka si tatang sabab geus mitnah anu teu bener ka manehanna.