Powered By Blogger

Jumat, 29 April 2011

parcomah...

lir ibarat hateup ngaheroan ijuk
moy-moyan tatanya kanu ngoseh
jep.. jep.. hariring kuring geus teu nyaring
mapag peuceuk anu ruwang rawing
lir ibarat ngalangeu mawa kekecapan
parcomah kingkin anu aya
ngan saukur pincuk dina dapuran makna
anu teu wleh teu boga rasa

(karya : GMS)

Rabu, 27 April 2011

warta ti cai

lamun cai bisa nembang
ngaliwatan kawih anu ngalir ku pangrasa
tangtu bakal nyaho naon anu jadi maksud
teu bisa kudu ka mana
sabab batu bakal cicing kawas biasa
tong! tong loba tatanya...
ngan ku euyeubna sato urang tarima
tong! tong loba tatanya
ngan ku halilirna sora urang miboga rupa

( karya : GMS )