TAjuk Rencana
Gas LPG VS
Hawu
Asa ku kacida pamaréntah
ayeuna, ku ayana rencana naékna BBM anu diayakeun 5 bulan ka hareup. Tangtu
keur jalma leutik, ieu téh jadi masalah keur kahirupanna. BBM pasti mangaruhan Bahan Pokokpikeun kahirupan maranéhanna
mah, contona waé kabutuhan pokok pikeun dahar kawas beas, deungeun sangu, Gas
LPG keur masak, cai nginum, jrrd. Éta hal geus moal bisa dipisahkeun tina
kahirupan masyarakat umumna. Ari keur para pamimpin nagara mah teu jadi
bangbaluh, ngan keur rahayat leutik mah éta hal teh kacida jadi bangbaluhna.
Panghasilan nu teu sabaraha jeung lolobana di handap UMR( Upah Minimum Regional), matak kudu mikiran kumaha carana
leuwih ngirit.
Nya euweuh pilihan séjén salain ngirit bahan pokok nu bisa diganti ku nu leuwih murah atawa haratis. Tungtungna mah keur masarakat desa anu panghasilanna leutik, baralik deui maké hawu. Sanajan pamaréntah geus ngabantuan ku cara méré subsidi kalawan haratis kompor jeung gasna, da anggeur keur sababaraha masarakat ngarasa beurat keneh ku cara maké Gas LPG téh. Harita pas Mantan Wakil Presiden M. Yusuf Kalla nyieun kawijakan konversi minyak tanah kana Gas LPG. Nya eta SuratWakilPresiden RI No.20/ WP/ 9/2006 tanggal 1 September 2006, perihal : KonversipemakaianMinyak Tanah ke Gas LPG.Sabenerna mah mangrupakeun kaputusan anu bener, dina ngirit bahan bakar minyak anu beuki nyirorot, ngan hanjakalna teu ningali ogé kaayaan masyarakat jangka panjang.
Gas LPG ayeuna mah geus umum dipaké ku masarakat Indonesia, ngan hanjakalna loba kénéh bangbaluh di masarakatna sorangan. Pas jaman mimiti maké Gas LPG 3 Kg, geuning loba masyarakat anu teu ngarti kumaha cara maké jeung ngaganti gas. Kurangna pangaweruh ti masarakat jeung kurangna sosialisasi ngeunaan cara maké ti pamaréntahna sorangan,jadi alasan kunaon masarakat sieun maké Gas LPG. Kumaha atuh jaman kiwari? Nya jaman kiwari mah geus biasa, tapi keur urang lembur anu pangaweruhna kurang mah jadi bangbaluh sorangan. Rasa kasieun Gas LPG anu ngabeledug teh geuning aya keneh. Tungtungna mah loba masarakat anu balik deui maké hawu, dina sapopoé pikeun masak mah.

Ari
keur urang lembur geuning leuwih geunah make hawu, da pedah loba suluh anu bisa
dipake keur diduruk. Lain embung maké Gas LPG teuing jaman kiwari téh keur
urang lembur mah, tapi da geuning kumaha deui panghasilan ngan saeutik ari
pangaluaran loba. Tungtungna loba anu ngaheureutan kabutuhanna pokokna. Nya
carana geuning loba anu pindah deui kana hawu, da ngala suluh mah haratis. Hal
ieu nu teu kapikiran ku pamaréntah. Konversi kana Gas LPG téh geus alus keur
Urang Kota mah, tapi keur urang lembur mah loba bangbaluhna kénéh. Meulina wae geus
hésé tambah-tambah loba kénéh nu teu ngarti makéna. Sok waé pikiran di lembur
mah mun jadi buruh tani, rata-rata panghasilanna téh Rp 25.000 sapoéna bari
tara tangtu éta téh. Ari pengeluaran nepi ka Rp 40.000-50.000 sapoéna, can
kutambah pangaluaran keur meuli Gas LPG. Tangtu mending leuwih pindah deui kana
hawu, anu bisa haratis.
Sabenerna
mah loba énérgi alternatif anu dikembangkeun boh ku mahasiswa boh ku para ahli
dina widang energi alternatif pikeun masak téh. Tah sakuduna mah éta hal bisa
dijadikeun pikeun dikembangkeun jeung digunakeun. Sok atuh pamaréntah téh tong
telat dina ngembangkeun élmu ieu téh. Da geuning loba énérgi alternatif anu dikembangkeun
keur urang lembur, contona waé energi alternatif Bioétanol, Kompor Serbuk
Gergaji, Hawu anu leuwih éfisien,jsb. Tah 3 hal ieu téh mangrupa salsahiji energi
alternatif anu cocok jeung kaayaan lingkungan anu aya di lembur. Loba hui,
sampeu, jeung nu sajinisna bisa dijadikeun bioetanol. Tuluy lobana tai ragaji
anu sok dipiceunan atawa dijual murah ku matrial bisa dipaké ku masarakat daérah
éta. Di tambah deui aya ogé sistem hawu anu leuwih ngaéfesiensikeun suluh jeung
model hawu anu dipaké.
Loba sabenerna mah, ngan ayeuna ngan léngkah pamaréhntah
rék kumaha? Kop téh teuing. Da masarakat mah ngan butuh 2 hal, anu kahiji butuh
énérgi alternatif anu leuwih murah jeung leuwih aman, sangkan bisa dibeuli ku
masarakat. Padahal mah loba énérgi alternatif anu geus aya jeung dikembangkeun
ku para pamuda, kawas Bioétanol, Katel Listrik,jeung Kompor Tai Ragaji. Tah hal
éta mangrupa salasahiji cara alternatif nu bisa dipaké ku masarakat. Jeung anu
kadua butuh sosialisasi ti jalma anu miboga pangaweruh anu jembar ngeunaan énérgi
alternatif. Pikeun ngasosialisakeun kumaha cara maké jeung nu séjénna, sangkan
masarakat ngarti jeung teu sieun makéénérgi alternatif anu anyar téh. Sok atuh pamaréntah
pikiran bangbaluh masarakat urang téh, tong ngan saukurn bisa naékeun tapi
euweuh solusi kongkritna. Sok ah!!